Scroll untuk baca artikel
PersibSepak Bola

2 Link Live Streaming Persib vs Bangkok United! Modal Meunang 2-0 di Thailand, Aki-aki Gede Wadul: Gaskeun Maung Ngagalaksak

×

2 Link Live Streaming Persib vs Bangkok United! Modal Meunang 2-0 di Thailand, Aki-aki Gede Wadul: Gaskeun Maung Ngagalaksak

Sebarkan artikel ini
Ieu link live streaming Persib vs Bangkok United big match AFC Champions League Two (ACL 2) sok tah klik Bobotoh.
Ieu link live streaming Persib vs Bangkok United big match AFC Champions League Two (ACL 2) sok tah klik Bobotoh.

DIALEKTIKA KUNINGAN — Pipirit Persib vs Bangkok United, Maung Bandung tangtu tarung bebeakan ngalawan eta klub kasebelasan ti Thailand, dina raraga partai panungtung Grup G AFC Champions League Two (ACL 2) 2025/2026 poe ieu.

Jadi panangtu laga Persib vs Bangkok United poe ieu dipaenkeun di markas karamatna, Stadion Gelora Bandung Lautan Api (GBLA), Rebo (10/12/2025) jam 19.15 WIB.

Gara-gara ngagubrag di kandang Lion City Sailors dua minggu katukang, tiket otomatis Persib ke Babak 16 Besar jadi katunda.

Tapi, Maung Bandung ayeuna masih bisa ngajleng di puncak klasemen nyekel 10 poin, hasil 3 kali meunang, sakali imbang, jeung sakali eleh.

Persib pinunjul head to head jeung selisih gol batan Bangkok United, masing poin sarua.

Ngan tong poho, posisi Persib acan aman, sabab Lion City Sailors di urutan katilu boga paluang lolos keneh. Lamun klub Singapura eta meunang terus Persib ngalehleh ku Bangkok United.

Baca Juga:  130 Hari, Baru Permulaan: Wamenpora Serap Taklimat Presiden Prabowo di Istana

Palatih garang Persib, Bojan Hodak si aki-aki gede wadul tea, optimis ceunah para pamaen sehat walafiat, siap heuras beudas tur tangginas cirining Maung Bandung gedur tekad ngalawan Bangkok United.

Modal kamari menyang ngalawan Borneo FC, geus nyieun mental Persib Maung Bandung ngabret. Ceuk Bojan Hodak, persiapan tim alhamdulillah hade, najan waktu ukur opat poe tina pertandingan BRI Super League eta.

Mung sanaos Persib cukup hasil imbang, tapi Hodak teges ngincer meunang tilu poin ngalawan Bangkok United.

Persib boga rekor alus, di leg mimiti ngelehkeun Bangkok United 2-0 di Thailand. Tapi, si aki-aki gede wadul nyebut kudu tetep wanti-wanti, skuad Maung Bandung ulah ngarèmèhkeun lawan.

Baca Juga:  Profil John Herdman: Pelatih Baru Timnas Indonesia yang Meloloskan Kanada ke Piala Dunia, Jurusnya Taktik Pressing Tinggi

Saha Bae Bakal Starting Line-ups?

Persib (4-3-3) diperkirakeun bakal ngandelkeun trio geger di tengah: Thom Haye, Marc Klok, dan Luciano Guaycochea. Anu siap ngabombardir benteng Bangkok United (4-4-2) ku Mang Momon aku karek bucat bisul kamari!

Bobotoh kudu siap ngagorowok pas lalajo Persib vs Bangkok United, nu rek disiarkeun langsung ti GBLA ku RCTI! Jeung bisa nonton di TV Online make link live streaming Vision+.

Ieu link live streaming Persib vs Bangkok United Big Match AFC Champions League Two (ACL 2) sok tah KLIK DI SINI

Hiji deui link nonton Persib Bandung vs Bangkok United pencet ieu KLIK DI SINI

Baca Juga:  Tempat Menonton Bournemouth vs Arsenal Link Live Streaming: Declan Rice Absen, Ujian The Gunners pada Takhta Klasemen Liga Inggris

Disclaimer: link live streaming ukur nginfokeun wungkul. Dialektika Kuningan henteu tanggelwaler kana copyrights juang kualitas siaran. Jadwal bisa robah, kumaha kabijakan stasiun tv-na.***

Aos oge warta-warta hade dialektika.id angken klik Google News.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *